Cincau Kaseneng Warga Lokal
Cincau Kaseneng Warga Lokal
Cincau téh aya dua rupa. Kahiji aya cincau hideung nu di jieunna tina tutuwuhan nu namina M. Procumbens, M. Chinensis, jeung M. Palustris. Kadua aya cincau héjo anu di jeunna tina tutuwuhan Cylea barbata Myers. Sebut wéh daun cincau. Tekstur tina dua rupa cincau ieu téh béda-béda. Cincau hideung mah leuwih padet, ari cincau héjo mah leuwih rentan jeung babari ancur. Nah, nu sok di paké pikeun és cincau mah biasana cincau héjo. Ari cincau hideung mah biasa di paké dina és campur.
Saha di dieu anu sok jajan és cincau? Upami di tilik tina jaman baheula nepi ka jaman kiwari, és cincau téh tos di modipikasi ku masarakat tapi teu nepi ka ngarobah sadayana. Sapertos és anu di gunakeunnana. Baheula mah és cincau téh nganggé es batu anu di serut. Kiwari mah tos di modipikasi jadi nganggé és krim jeung kental manis. Ari gula beureum na mah masih kénéh di anggé ti baheula nepi ka kiwari. Komo cincau héjo na mah moal robah-robah.
Upami ti pangalaman panulis mah, biasana sok manggihan tukang és cincau di lembur, da di Purwakarta mah sok seueur. Lamun ka Cianjur ogé, éta pas nembé asup ka gerbang perbatasan wilayah sok katingali tukang és cincau ting ngajaléjér. Kantun milih wéh badé mampir ka tukang és cincau nu mana.
Sobat cincau. Tos terang teu acan ari cincau téh gaduh mangpaat upami di konsumsi ku urang? Nah, mangpaat cincau téh diantawisna tiasa pikeun ngarerepkeun panas dalem jeung ngalancarkeun pencernaan. Daun cincau héjo anu ngandung antioksidan ogé gaduh mangpaat pikeun kaséhatan kulit.
Sobat cincau. Sakitu waé nya bahasan ngeunaan cincau na. Tong hilap lamun papanggih urang jajan cincau sasarengan. Paturay patepang deui!
Zakiyah Haibatul Qolbi
Komentar
Posting Komentar