Kadaharan Khas Sunda anu Populer
Kuliner sunda teh macem-macem rupana, mimiti ti kadaharan anu beurat nepi ka jajananna. Salain eta, cita rasana oge ngeunah ngajieun hidangan ieucocok di letah masyarakat sunda.
Kadaharan khas sunda:
1. Sangu Liwet
Ieu mangrupa kadaharan anu ulah kaliwat pas kempel kaluarga, nyaeta sangu liwet. Sangu anu disajikeun ku macem-macem lauk, aya lauk asin, sambel, lalaban, tahu, tempe jeung samacemna. Pokokna raos pisan.
2. Lotek
Lotek di jieun ku rupa rupa sayuran anu di seupan tuluy di banjur ku bumbu kacang. Umumna lotek ngagunakeun bayem atawa kangkung, kacang panjang, labu siem, daun kol jeung toge.
3. Pepes
Pepes nyaeta kadaharan anu dibungkus make daun cau. Di pasak ku cara di seupan atawa di presto. Bahan olahan anu digunakeun jeung pepes bisa rupa-rupa. Di sunda mah pepes teh aya nu dinu lauk, tahu, teri, hayam jeung macem-macemna.
4. Sangu Tutug Oncom
Sangu tutug oncom teh asalna ti Tasikmalaya. Kadaharan ieu tina sangu anu dicampur olahan oncom tuluy di tumbuk meh ngahiji atawa ngacampur. Paling raos dihidangkeunna pake lauk anu sarua jeung sangu liwet.
5. Cilok
Nah ieu salah sahiji jajanan sunda anu populer. Cilok alias aci dicolok dijieunna tina aci atawa tapioka anu dibentuk jiga bola bola laleutik tuluy di kulub nepi ka teksturna geunyal. Jajanan ieu bisa di banjur ku sambel kacang atawa saos sambel.
6. Seblak
Seblak nyaeta kadaharan nu asalna ti bandung. Seblak teh macem macem toping na, aya kurupuk, kwetiau, mi koneng, jeung macem macem na loba keneh. Kabeh bahan na di pasak nepi ka empuk dina kuah kaldu atawa cai nu geus di bumbuan. Seblak teh bumbu utama na nyaeta cikur.
7. Sate Maranggi
Sate maranggi nyaeta kadaharan nu asal na ti purwakarta. Sate maranggi oge nyaeta olahan ti daging sapi tuluy di potong potong ngabentuk dadu, tuluy dibumbuan. Saenggeus na daging di tancebkeun kanu tusuk sate tuluy di bakar di luhur areng. Sate maranggi bisa di sajikeun jeng sangu tambah sambel kecap jeung sambel tomat.
---
Nadia Septi Anggraeni & Saskia Rafa
Komentar
Posting Komentar