Atikan Kasenian di Sakola
Ngayakeun atikan kasenian disakola teh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kreatif. Ku ayana atikan kaserinan siswa teh jadi dilatih pikeun ngaluarkeun imajinasına, pikeun mibanda kamampuh nalar, Jeung Sajabana. Jadi, atikan kasenian teh teu sakadar kalangenan anu diayakeun dapon henteu.
Pamarentah kalintang surti kana Pentingna atikan kasenian Pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna dina PP No. 19. Taun 2005 ngenaan standar Nasional Pendidikan, kècap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni jeung budaya Jadi nu diajarkeun tèh Seni jeung Budaya. Upama diteuleuman leuwih jauh, kecap seni jeung budaya téh mibanda harti yen arikan kasenian jeung budaya salawasna nyoko ka budaya masing-masing.
Seni jeung budaya perlu pisan diajarkeun ka barudak sakola, supaya kadituna jadi mikacinta. Rasa cinta ka budaya sorangan, taya salahna mikadeudeuh budaya batur atawa mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya sorangan. Hususna ditatar sunda tangtu nu diwanohkeun teh seni Sunda. Ngawanohkeun seni budaya sunda teh dimimitian ku nepakeun basa sunda nyaéta sastra, lagu sunda, sajak atawa carpon. Basa sunda ogè bisa jadi baca rupaning paelmuan. Komo deui anu ngangge aksara sunda, emang aksara sunda ayeuna jarang aya anu ngagunakeun, lantaran emang hese ngajarkeuna. Jadi wajar lamun hese diterapkeun Kasapopoe, aksara sunda mah geus puguh hese. Ngan lamun basa sundamah tos dipake ku acara tivi. Nu lewih utama mah, basa Sunda teh basa rasa nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonorman urang sunda.
Seni Sareng budaya tèh henteu ngangenaan tina basa oge. tapi, aya ogé anu sejen nyaeta kasenian tarian Jaipong. Tarian Jaipong Mah gampang diajarkeun disakola Tari jaipong teh awalna nyaèta wujud lalawanan kana larangan Pamarentah dina musik dangdut jaman harita. Tapi, ku Jaman tarian ieu beuki populer Sarta ditarima sacara léga ku masyarakat Jawa Barat.
Kasenian tarian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar kamana mana. Kamekarana henteu ukur dipanggung wungku, tapi beuki lega ambahanana. Urang bisa manggihan di unggal toko kaset. Ku kitu teh manusabah lamun jaipongan beuki kawentar ka mana-mana. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan. Dina kahirupan sapopoe, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat teh sok nanggap jaipongan. Kitu deui dina acara pagelaran-pagelaran seni, boh pintonan seni di sakola, Jadi anu paling Katelahna kasenian Sunda salah sahijina oge yaeta jaipong.
---
Dinda Nisa Amelya
Komentar
Posting Komentar