BUDAYA WISATA JAWA BARAT
Kabupatén Purwakarta di Jawa Barat disebut kota pangsiun lantaran nawarkeun suasana anu jauh tina hiruk-pikuk balaréa,ku kituna loba tempat wisata di Purwakarta anu éndah pamandangan alamna, salah sahijina nyaéta Waduk Jatiluhur. Waduk nu aya di Kacamatan Jatiluhur Kabupatén Purwakarta Propinsi Jawa Barat téh mangrupa waduk panggedena di Indonésia, kalayan potensi cai 12,9 miliar m3/taun sarta mangrupa waduk multiguna munggaran di Indonésia. Salian ti dijadikeun bendungan, ieu waduk ogé mangrupa tempat wisata anu populér di Purwakarta.
Di Waduk Jatiluhur tiasa katingal megahna Gunung Tilu Manara jeung Gunung Parang nu teu jauh ti Waduk Jatiluhur. Angin sepoi - sepoi bakal nyien leuwih tiis jeung nyaman, utamana dina sore bari nempo pamandangan surupna nu dibaturan kuliner has Purwakarta,nyaeta sate maranggi,lauk bakar,sangu liwet jeung sajabana.
Salian eta,anjeun tiasa nyewa parahu motor ti warga satempat pikeun ngulilingan bendungan.Malahan di tempat ieu oge anjeun tiasa nyobaan naek parahu jang kukulilingan. Parahu ieu boga kapasitas maksimalna 30 panumpang jang sakali puteranna. Sementara eta mun ajeun hoyong ngarasakeun suasana jaman baheula,anjeun tiasa naek sapedah gantung nu miboga kapasitas dua jalmi nu digerakkeun na di goes ku sampean.
Lamun anjeun hoyong ngojay, aya oge kolam renang nu miboga wahana cai anu pikaresepeun sareng pirameun. Kolam renang ieu boga tingkatan nu beda beda. Mulai ti kolam olimpiade, kolam renang anu deet, kolam renang budak, nepi ka kolam renang kolot.
Di Waduk Jatiluhur oge nyadiakeun tempat kemping anu lengkep sareng fasilitas anu ajeun tiasa sewa sapertos tenda, korsi tilep, alat masak, sareung samak.Lamun bade uih ka bumi bingung kedah nyandak oleh - oleh naon, tong hariwang, didieu oge aya tempat anu nawarkeun oleh-oleh anu menarik sareung unik, sareung nyadiakeun oge oleh-oleh kadaharan has Purwakarta.
---
Azira Zahra Indriagiri
Komentar
Posting Komentar