COMINGSOON! KAGIATAN MUSYAWARAH AMBALAN GUDEP 01.211-01.212 SY-KH PRAMUKA MAN PURWAKARTA TAHUN 2024
Purwakarta, WartaWitot.com – Musyawarah mangrupkeun forum pangluhurna pikeun mutuskeun kawijakan, nyieun kawijakan jeung nyieun kaputusan babarengan. Dina forum ieu, pikahareupeun hiji organisasi atawa hiji kagiatan ditangtukeun. Ku kituna, kaputusan dina ieu musyawarah kudu bener-bener pinuh ku patimbangan jeung katangtuan.
Kagiatan Musyawarah Ambalan atawa disingkat jadi MUSYAM nyaeta salasahiji forum kumpulan jang pramuka panegak warga ambalan anu rutin dilaksanakeun sataun sakali pikeun nampung aspirasi anggota pramuka panegak ditingkat gugus depan. Forum ieu diaranan Musyawarah Ambalan Syarif Hidayatullah- Khadijah Khuwalid XXVIII Gugus Depan MAN Purwakarta Nomor 01.211-01.212, nu salajeungna disingkat Musyam tahun 2024.
Musyam 2024 Pramuka MAN Purwakarta bakal dilaksanakeun poe Jum’at nepi Sabtu tanggal 2-3 Februari 2024, nu perenahna di Aula Fatimah Azzahra MAN Purwakarta. Musyam XXVIII, miboga posisi salaku musyawarah panluhurna di Ambalan Syarif Hidayatullah – Khadijah Khuwalid.
Lumangsungna kagiatan ieu nyaeta dumasarkeun kana Undang- undang Gerakan Pramuka No.12 taun 2010, kaputusan MUNAS X Gerakan Kramuka taun 2018 NO. 07/MUNAS/2018 ngeunaan AD ART, kaputusan Kwartir Ranting Nasional NO.176 taun 2013 ngeunaan pola pambinaan Pramuka Panegak jeung Pandega, kaputusan babareungan Manteri Agama RI jeung Kwarnas Gerakan Pramuka, program kerja wajib Ambalan Syarif Hidayatullah - Khadijah Khuwalid Gudep MAN Purwakarta Nomor 01.211-01.212 masa bakti 2023/2024.
Saterusna, aya oge tujuan dilakukeunnana musyam ieu, nyaeta jang nyuhunkeun, nganilai jeung ngaevaluasi Laporan Partanggungjawaban Dewan Ambalan masa bakti 2023/2024, ngahasilkeun rumusan, rancangan, sasaran jeung kawijakan Dewan Ambalan masa bakti 2023-2024, sarta milih pupuhu Dewan Ambalan jang masa bakti 2024-2025.
Pamilon pinuh nyaeta anggota Ambalan Syarif Hidayatullah – Khadijah Khuwalid nu geus dikukuhkan salaku anggota Gudep sarta hadir di musyawarah jeung ngagunakeun saragam Pramuka. Aya oge ti pihak Paninjau, nyaeta tamu ondangan, ti Kwartir Ranting, Kwartir Cabang, alumni jeung pambina.
Rupa-rupa sidang Musyawarah Ambalan XXVIII Tahun 2024 diwangun ku: Sidang Tata Tertib, Sidang Pleno 1 (Laporan Partanggungjawaban Dewan Ambalan Syarif Hidayatullah–Khadijah Khuwalid masa bakti 2023-2024), Sidang pleno II (Sidang Komisi) jeung Sidang Pleno III (Pemilihan ketua Dewan Ambalan masa bakti 2024-2025).
Salasahiji anggota panitia Musyam 2024 ngungkabkeun, yen musyam tahun 2024 bakal disiapkeun saalus-alusna, “urang babarengan pasti ngusahakeun supaya acara Musyam tahun 2024 ieu bisa kalaksanakeun saalus-alusna tangpa aya masalah, bismilllah aamiin”, ceuk Nabila jeung Annisa salaku pupuhu jeung wakil acara.
Tangtuna, pikeun Dewan Ambalan masa bakti 2023-2024, ieu nyaeta panuntung masa jabatannana salaku Dewan Ambalan di Pramuka MAN Purwakarta. Sanajan kitu, sanajan sakedeng deui bakal purna atawa rengse tina tugasna, pangabdian mah kudu tetep dilakukan kusabab urang salaku anggota pramuka sajati. “Sanajan tos rengse, tong hilap kedah tetep ngabantosan adi-adina. Ngabimbing adi-adina, pasihan motivasi nu wijak sareng jadi conto nu sae kanggo Pramuka MAN Purwkarta”, saur Kak Yantika salaku Pambina Putri Pramuka MAN Purwkarta.
“Pasti bakal sono pisan ka momen-momen babarengan. Hese gampil babarengan, sedih bagja ge babarengan. Nepi apal kana watakna masing-masing nu masyaAllah pisan rupa-rupa”, ucap Amel salaku Pradana Putri.
Intina, pangalaman nu berharga teu bisa digantikeun ku nanaon. Pangalaman nu ngajarkeun endahna silih asah, silih asih, silih asuh kawas motto Pramuka MAN Purwakarta, teu salawasna dipanggihan di jero kelas. Pangalaman nu berharga, bisa jadi materi atawa pangajaran alus nu ngalengkepan materi akademik tur mangpaat pisan jang kahirupan sapopoe.
---
Jurnalis : Nia Ramadani – Krani Pramuka MAN Purwakarta
Komentar
Posting Komentar