Khasiat Daun Kélor Pikeun Kaséhatan
Daun ke`lor nyae`ta taneman anu biasa dikenal loba khasiat na pikeun ngataskeun sagala panyakit anu biasa dialaman ku manusa. Daun ke`lor ieu sejenis taneman obat lokal anu asalna ti India.
Daun ke`lor te`h wujud daun na laleutik jeung loba, hampir sarua jeung daun pete` se`long atawa pete` china. Warna na he`jo jeung wujud batangna jangkung tapi anu sok dipake` pikeun kase`hatan mah nyae`ta daun na.
Mangpaat daun ke`lor ieu te`h sae`pisan pikeun jatung, utamana dina ngontrol lipid getih, pancegahan ngabentukan plak dina arteri, jeung panurunan kadar kolesterol, tapi daun ieu bisa oge` kanggo panangkal Radikal bebas, nguatkeun tulang, nurun keun gula darah, sarta ngalancarkeun pencernaan.
Cara ngolah daun ke`lor ieu nyae`ta biasana osok dipasak jadi sayur bening siga sayur bayem, bahan-bahanna oge` biasa, make` bawang beureum jeung bawang bodas di irisan, jeung tambahan bumbu penyedap sapertos kaldu jamur. Jadi, langkah-langkah nyieun na:
1. Rebus cai dina panci nepikeun ngagolak;
2. Sanggeus caina ngagolak asupkeun bawang bawangan anu atos diirisan;
3. Anu salajeungna asupkeun daun ke`lor anu geus dipisahkeun ti gagangna, tapi daun anu dipasak te`h nyae`ta daun anu ngora sabab lamun daun anu geus kolot mah biasana sok bau langu jeung rasana oge pait;
4. Lamun daun ke`lor tadi atos di asupkeun rada lama nepikeun daunna jadi lemes, teras e`ta asupkeun bumbu penyedap, tapi lamun resep amis mah bisa oge` nambahkeun gula asal tong ngasupkeun garem sabab rasa na te`h bisa jadi pait.
Salian obat diabetes, ngonsumsi daun ke`lor oge` henteu disarankan pami hideup keur ngonsumsi obat kanggo tekanan darah, ieu te`h sabab epe`k daun ke`lor tiasa nyebabkeun tekanan darah rendah teuing atawa hipotensi.
Hipotensi ieu biasana ditandaan ku burem titingalian, lieur, kalelahan, mual, ngarasa arek pingsan, jeung he`se` konse`ntrasi.
Cara ngindarkeun epe`k samping daun ke`lor, hideup disarankeun pikeun ngonsumsi daun ieu sacukupna, nyae`ta henteu lewih ti 50-70 gram per poe` atawa satara jeung 10-15 se`ndok te`h bubuk daun ke`lor. Salian e`ta oge` henteu dianjurkeun pikeun ngonsumsi lewih ti 6 sasih.
---
Rosita Aulia Tri Hapsari
Komentar
Posting Komentar