Mangpaat Teknologi dina Kahirupan

Téknologi geus aya pikeun lila babarengan jeung kahirupan manusa.

Téknologi inpormasi dina jaman modéren parantos janten bagian penting dina kahirupan jalma boh di kota atanapi désa-désa. 

Dina jaman pangwangunan ieu, seueur jalma anu ngagunakeun téknologi dina kagiatan sapopoé. Rupa-rupa séktor ngagunakeun téknologi pikeun ngabantosan kagiatan.

Kiwari, téhnologi geus mucunghul dina sagala rupa widang nurutkeun pangabutuh manusa.

Ari Teknologi informasi dina mangsa kiwari teh geus jadi pangabutuh nu moal bisa dipisahkeun dina kahirupan masarakat di kota atawa di desa. Lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.

Aya seueur mangpaat téknologi dina kahirupan, nyaeta gampang nampi inpormasi, ngagancangkeun komunikasi jarak jauh, ngagampangkeun padamelan, diajar tiasa dilakukeun online, balanja langkung praktis, Jeung loba deui.

Sumebarna teknologi bisa mawa pangaruh nu hade jeung bisa nimbulkeun pangaruh nu goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun teknologina. Rupa-rupa tina wujud hasil teknologi contona diantarana bae komputer, laptop, smartphone, jeung sejenna, di lingkungan barudak sakola eta tilu ngaran teh geus teu aheng deui.

Lantaran eta barang geus jadi pangabutuh anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudak sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajar di sakolana.

Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seugdibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tursurti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatanteknologi anu salah ngalarapkeunanana.

Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebutbaris nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugaspikeun nu can ngabogaan komputer atawa leptop sorangan.

Teu saeutik balukar anu goreng alatan teknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja,geus loba kajadian anu kaalaman ku rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar,runtagna ahlak alatan lalajo pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung sajabana.

Kahariwang kolot, alatan eta teknologi geus jadi alesan pikeun nalingakeun budaknasangkan teu jadi korban pangaruh gorengna, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeunkamajuan sagala widang.

Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisangarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunanapikeun ngungkulan jaman jeung ngajawab tangtangan kahirupan.

--- 

Diar Adlina Akmalia & Siti Nadya Hafizha El Fitroh

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Rupa - Rupa Kasenian Sunda

Pendidikan Dina Waktu Pandemi

Cincau Kaseneng Warga Lokal