Rupa - Rupa Kasenian Sunda
Salah sahiji kasenian sunda anu geus di mekar keun nyaéta jaipong. Jaipong teh kasenian anu geus Populer pisan di kalangan masyarakat, kusabab masih keneh loba nu nampil keun kasenian jaipong, jaipong leuwih loba nu mikaresep pangna kitu karna daya tarik kasenian jaipong leuwih punjul.
Jaipongan teh asalna tina kasenian ketuk tilu, kasenian anu diigelan ku ronggeng. Dina kahirupan sapopoe, lamun aya hajat teh sok nanggap Jaipongan jeang deui dina acara Pagelaran - Pagelaran seni, aya oge manpaat ti kasenían sunda Jang masyarakat nyaeta: Sebage sarana atikan, Penyajian estétis, ogé minangka sarana komunikasi pikeun nguatkeun tali silaturahmi antar warga masyarakat Jawa Barat.
Seni Musik sunda aya: •> Angklung, nyaeta alat musik anu dijieun tina awi geus ka wentar ku UNESCO geus ngaku minangka warisan budaya Sunda. tokoh angklung anu pohara dihormat nyaeta Daeng Soetigna. •> kacapi, nyaeta alat musik. anu sorana pikasediheun sarta mindeng dipaké kacapi suling Pikeun ngagambar keun tiis jeung endahna alam Sunda. •> Degung, nyaéta seni karawitan anu diwanohkeun ku H.j osting ti Walanda. Degung asalna tina kecap De gong nu hartina gamelan.
Seni Pertunjukan: •> Sisingaan, anu asalna ti subang Sering dilaksanakeun pikeun upacara sunatan. •> ulin Barong, nu siga tari maung, dipidangkeun Pikeun memeriahkeun rupa-rupa acara. •> wayang golek, nyaeta pagelaran wayang tina kai anu ngawanoh keun basa sunda. Carita anu dicaritakeun dina pagelaran wayang golék biasana ngandung pesan moral sarta dumasar kana carita rakyat.
---
Dewi Sagita
Komentar
Posting Komentar