Téknologi di Jaman Kiwari
Téknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan masarakat. Lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan khusus saperti bisnis atawa nu sejen, tapi bisa ngigelan jaman, henteu katinggaleun atawa kalindes wanci nu beuki maju.
Sumaberna eta téknologi bisa mawa pangaruh hadé, ogé bisa nimbulkeun pangaruh goréng. Hal éta gumantung kana jalma nu ngagunakeun éta téknologi. Rupa-rupa wujud hasil téknologi diantarana HP jeung Komputer. Di lingkungan sakola éta ngaran geus teu ahéng deui, kulantaran ayeunamah sagala rupa tugas ngagunakeun téknologi, khususna internét.
Teu saeutik balukar anu goreng alatan téknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus loba kajadian anu kaalaman ku rumaja alatan internét upamana baé hiréamna diajar, runtagna ahlak alatan lalajo pintonan nu teu payus. Keur barudak, ical galeuh barang haram jeung sajabana. Kahariwang kolot, alatan éta téknologi geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan teu jadi korban pangaruh gorengna, tapi manfaatna ogé kacida gedéna pikeun kamajuan dina sagala widang.
Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa ngaréngsékeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa élmuna kacida diperlukeunana pikeun ngungkulan jaman jeung ngajawab tangtangan kahirupan. Kuayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah nepi ka jero-jero, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda.
Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
---
Nasywa Arifa Muchtar
Komentar
Posting Komentar