Tradisi Perkawinan Adat Sunda

Perkawinan nyaeta patalina permanén antara dua jalma lalaki jeung awéwé nu diaku sah ku masyarakat jeung nagara nu dumasarkeun kana aturan perkawinan anu berlaku. Dicutat tina kaca Indonesia.go.id, Salasa (31/1/2023), Indonésia miboga leuwih ti 300 etnis, leuwih tepatna aya 1.340 etnis di nagara éta nurutkeun sénsus BPS 2010. Aya rupa-rupa adat kawinan di Indonésia teh, tapi anu dibahas ayeuna nyaéta tradisi kawinan di wewengkon Sunda.

Ciri khas perkawinan adat Sunda tiasa ditingali tina tata rias panganten pameger dugi ka prosesi. Panganten dina tradisi Sunda katingalina geulis pisan nganggo makuta na anu disebut makuta siger, wanguna kawas segitiga anu napel ka luhur. Dina dahina aya daun sirih anu bentukna inten leutik minangka hiasan.Teu hilap asesoris 7 kembang goyang dina sanggul, kembang tanjung sareng untaian melati anu ngajantenkeun panganten Sunda katingali elegan sareng menawan.

Prosés perkawinan tradisi Sunda di mimitian ku tahap narosan atawa lamaran ka pihak kaluwarga awewena. Sanggeus narima lamaran, tahap saterusna masrahkeun seserahan berupa kado ti lalaki ka awewena. Salanjutnya ngaras nyaeta upara ngabasuh tapak suku kolot ku calon panganten sabagai tanda bakti. Saatos éta tahap akad nikah anu didampingi ku calon mertua, jeung petugas ti Kantor Urusan Agama (KUA). Salanjutnya sungkeman nyaeta upacara mentaan hampura ka kolot supados perkawinan berkah jeung dirahmati ku gusti allah. Anu terakhir nyaeta acara dahar nu geus disiapkeun ku panganten keur tamu nu datang di acara kawinan.

---

Faiz Abdul Azis

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Rupa - Rupa Kasenian Sunda

Pendidikan Dina Waktu Pandemi

Cincau Kaseneng Warga Lokal