Indonesia Dina Panon Dunya

Data ti ramatloka Kementerian Kelautan dan Perikanan (KKP) nétélakeun yén Indonésia diwangun ku puluhan rébu pulo éndah, aya 17.508 pulo gabungan ti pulo gedé jeung leutik. Lima pulo gedé nu kawéntar di Indonésia nyaéta Papua, Kalimantan, Sumatra, Sulawesi jeung Jawa. Samentawis éta, aya rébuan pulo leutik anu kadang-kadang masih aheng ka kuping, sapertos Musalah, Gajah, Bangkaru, sareung sajabana. Teu anéh lamun Indonésia diaku ku dunya minangka nagara gedé anu ngabogaan poténsi gedé, utamana dina séktor maritim. Ku sabab kitu, salaku warga nagara Indonésia, urang kudu ngajaga kaayaan ieu pulo sangkan tetep asri. Kalawan jadi loba pulo, Indonésia dinyatakeun salaku surga libur pangalusna di Asia. Kaéndahan alam, rupa-rupa budaya tradisional, jeung ramah-tamah warga pribumi mangrupa pilar pariwisata Indonésia anu kawéntar sakabéh dunya. Bali, minangka salah sahiji tujuan wisata anu tos kakoncara dina golongan wisatawan mancanagara, mangrupakeun tujuan wisata anu kareueus di Indonésia a...